Biografi Mama Ahmad Syatibi Gentur


قال رسول الله صلى الله عليه وسلم مَنْ وَرَّخَ مُسْلِمًا فَكَأَ نَّمَا اَحْيَاهُ وَمَنْ زَارَ عَالِمًا فَكَأَ نَّمَا زَارَنِى وَمَنْ زَارَنِى بَعْدَ وَفَاتِى وَجَبَتْ لَهُ شَفَاعَتِى. روه ابو داود وترمذى

“Barang siapa membuat tarekh (Biografi) seorang muslim, maka sama dengan menghidupkannya. Dan barang siapa ziarah kepada seorang Alim, maka sama dengan ziarah kepadaku (Nabi SAW). Dan barang siapa berziarah kepadaku setelah aku wafat, maka wajib baginya mendapat syafatku di Hari Qiyamat. (HR. Abu Dawud dan Tirmidzi).

Ari Mama ajengan Ahmad syatibi gentur - cianjur eta salahsahiji sosok ulama tanahpa sundan anu al-alim al-alamah al-kamilil-wara.
Anjeuna jumeneng dina pertengahan kurun ka tilu belas hijriyah ( 13 H ) Teu ka uningakeun taun kelahirannana. tapi anu jelas anjeuna masih keturunan wali agung syehAbdul muhyi pamijahan.Ari nasabna nyaeta :

Silsilah Rundayan Mama Ajengan Kaler (Syekh Ahmad Syatibi  Gentur )
ti jihat Ibu-Na nyaeta ngawitan ti :
1.  Nabi Muhammad Saw
2.  Sayyidina Ali karroma Allahu wajhahu dan Fatimati Azzahro’
3. Sayidina Husein As.
4. Sayyidina Ali Zaenal Abidin Ra.
5. Muhammad Al Baqir
6. Ja'far Ashodiq
7. Ali AI'Aridhi
8. Muhammad
9.Isa Albasyari
10. Ahmad Al Muhajir
11. Ubaidillah
12. 'Uluwi
13. Ali Kholi'i Qosim
14. Muhammmad Shohibul Murobath
15.‘Uluwi
16. Abdul Malik
17. Abdullah Khona
18. Imam Ahmad Syah
19.Jamaludin Akbar
20.Asmar Kandi Gisik Karjo Tuban
21.Ishak Makdhum
22 Muhammad Ainul Yaqin
23. Sunan Giri Laya
24. Wira Candera
25. Kentol Sumbirana
26. Rd. Ajeng Tanganziah
27. Waliyullah Syeikh Haji Abdul Muhyi Pamijahan
28. Sembah Dalem Bojong
29. Syekh Nur Katim
30. Syekh Nur Hajid
31. Syekh Abdul Qodir
32. Syekh Muhammad Said
33. Syekh Ahmad Syatibi Gentur (  Mama Ajengan Kaler )


ti jihat Rama-Na nyaeta ti kawit :

1.   Nabi Adam As.
2.   Nabi Syis As.
3.   Anwar ( Nur cahya )
4.   Sangyang Nurasa
5.   Sangyang Wenang
6.   Sangyang Tunggal
7.   Sangyang Manikmaya
8.   Brahma
9.   Bramasada
10. Bramasatapa
11. Parikenan
12. Manumayasa
13. Sekutrem
14. Sakri
15. Palasara
16. Abiyasa
17. Pandu Dewanata
18. Arjuna
19. Abimanyu
20. Parikesit
21. Yudayana
22. Yudayaka
23. Jaya Amijaya
24. Kendrayana
25. Sumawicitra
26. Citrasoma
27. Pancadriya
28. Prabu Suwela
29. Sri Mahapunggung
30. Resi Kandihawan
31. Resi Gentayu
32. Lembu Amiluhur
33. Panji Asmarabangun
34. Rawisrengga
35. Prabu Lelea ( maha raja adi mulya )
36. Prabu Ciung Wanara
37. Sri Ratu Dewi Purbasari
38. Prabu Lingga Hyang
39. Prabu Lingga Wesi
40. Prabu Susuk Tunggal
41. Prabu Banyak Larang
42. Prabu Banyak Wangi / Munding sari I
43. ( a ) Prabu Mundingkawati / Prabu Lingga Buana
             / Munding wangi (Raja yang tewas di Bubat)
      ( b ) Prabu boros ngora / Buni sora suradipati
              / Prabu Kuda lelean berputra : Ki Gedeng Kasmaya
44. Prabu Wastu Kencana / Prabu Niskala wastu kancana
      / Prabu Siliwangi I
45. Prabu Anggalarang / Prabu Dewata Niskala /
      Jaka Suruh ( Raja Galuh / Kawali )   
46. Prabu Siliwangi II / Prabu Jaya dewata
      / Raden Pamanah rasa / Sri Baduga Maha Raja
47. Ratu Galuh
48. Ratu Puhun
49. Kuda Lanjar
50. Mudik Cikawung Ading
51. Entol Penengah
52. Sembah Lebe Warto Kusumah
53. Waliyullah Syeikh Haji Abdul Muhyi Pamijahan
54. Sembah Dalem Bojong
55. Syekh Nur Katim
56. Syekh Nur Hajid
57. Syekh Abdul Qodir
58. Syekh Muhammad Said
59. Syekh Ahmad Syatibi Gentur (  Mama Ajengan Kaler )

Waktos murangkalihna namina Agus,saparantosna mulih ti mekah digentos ku nami Dagustani
namung katelahna ayeuna nyaeta Al-alim Al-alamah syeh Ahmad As-Syatibi atanapi Mama Gentur ceuk urang sunda anu janten anak muridna.

Ari Pirang-pirang Muridna diantawisna :
-    Mama Eyang Cijerah ( K.H.Muhammad Syafi`I bin K.H. Muhammad Amin )
-    Abah Anom Suryalaya
-    Mama K.H. R. Sudja'i (Mama' Sindangsari)
-    Mama K.H. Syarifuddin Ponpes Fathul Huda cipaku darajat garut
-    Mama K.H. Emed Cimasuk garut bin K.H. Muhammad Rusdi haur kuning
-    Sareng sajabina ti eta…
Khobar ti KH. Emed cimasuk garut bin KH.Ajengan Muhammad Rusdi haurkuning"waktu kaula ziarah ka Mama gentur,Anjeuna ngalalakonkeun nyaeta "baheula mama tina pohara hayangna boga elmu anu gede tapi mama asa poekkeun milih guru jeung kasaha kudu ngaji teh ? Nya teras mama berangkat ziarah kubur ka wali luar batang Jakarta didinya mama maca shalawat nariyah 4444 balikan meunang 44 kali tamatan dina waktu dalapan bulan teras mama ngimpen tepang sareng wali luar batang sareng ngadawuhkeun kieu "lamun maneh bener hayang boga elmu gede jug gera indit ka daerah garut"mangka saterasna mama ngawitan berangkat heula ka pasantren keresek pidawuh
ajengan keresek lamun ujang hayang hasil elmu gede mah isuk ku mama dianteurkeun ka pun paman nyaeta pangersa ajengan Muhammad Adzro'i di bojong sabab dina waktu ieu para sepuh
anu baroga elmu galede di tiap kabupaten oge lolobana ti pun paman nyaeta syeh muhammad Adzro'i bojong garut. Mama gentur kenging sawengi nginep di keresek enjingna teras dijajapkeun ka pasantren bojong.
Kacarioskeun waktos ngawitan lebet ka pasantren teras ku guru dipasantren di sumpah bilih ngagem
elmu sihir teras Anjeuna ngalaksanakeun sumpahna tanda teu ngagem elmu sihir.
saterasna di tampi kalayan janten murid di pasantren.Ari barang tuangna salami dipasantren cekap ku taleus anu di cocolkeun kana sambel roay tara pisan enak-enakan ku rupi-rupikatuangan.Upami mendak masalah kitab anu teu acan ka hartos sok teras ngahadiahan mualifna ku katuangan jeung ku aurod shalawat. Mangka Anjeuna Nembe 40 dinten di bojong parantos ka talar kitab nazom yaqulu-kailani-amriti-alfiyah-samarqondy jeung jauhar maknun. Kaunggulan pasantren bojong garut Para santri anu belajar dipasantren eta dimana tos dua taun mangka jaranten al-alim al-alamah.
Mama gentur netep di pasantren bojong mung kenging sataun dugika akhir bulan sya'ban margi dipiwarang syeh Adzro'i nyarengan Kiyai Rusdi ngaos ka pasantren gudang tasikmalaya. Ari kiyai
Rusdi teh nyaeta santri bojong anu waktos mama gentur ngawitan mondok di pasantren bojong didinya aya kiyai Muhammad Rusdi anu tos tilu taun lamina. Padahal dua taun oge ku syeh Adzro'i parantos dipiwarang ngamukim mung ramana teu acan nyatujuan.
Mama gentur kenging sataun dibojong mangka ajengan Muhammad Rusdi campleng opat taun,tidinya dipiwarang ngaos ka Mama Syuja'i gudang tasikmalaya disarengan ku Mama gentur.
Dawuh mama gentur Ari Mama gudang lamun ngawuruk dipayuneun kiyai Rusdi mangka angketna sok noroktok sareng ngadeg-deg bakating ku risi ku elmuna ki Rusdi.
malihan mama gudang ngadawuh ka mama gentur "caritakeun ka ki Rusdi gera mukim kituh..Kapan ku kang Adzro'I oge tos dipiwarang jeung tos aya dina Ridho guru".Namung weleh anu janten
ramana teu acan keneh nyatujuan.
Teras kiyai Rusdi saparantos mondok di gudang teras ngalih deui ka Kiyai Muhammad Shoheh bunikasih cianjur anu di sebat ba'dul ikhwan ku syeh Ibrahim bajuri dina kitab tijan margi
syeh Shoheh sareng syeh Adzro'i eta ngaosna sami ti syeh Ibrahim bajuri.
Ari mama gentur mah teras wae netep di gudang dugi ka salapan taun.Waktos masantren di gudang Anjeuna kantos ngersakeun ziarah makam kubur di geger manah.Sateu acana angkat ziarahAnjeuna saum heula 40 dinten teras berangkat ka geger manah ngabujeng  juru kunci makam teras dilinggihkeun dibumi kuncen sareng ditaros pamaksadan nana nyaeta maksad bade ziarah tabaruk dimakam karamat, saterasna dijajapkeun ka eta makam.Kinten jam opat subuh anjeuna mulih ti makam ngabujeng deui ka kuncen lajeng ku kuncen dituangkeun kurupi-rupi katuangan.Saparantos salse tina barangtuang lajeng Anjeuna naroska kuncen "mang wengi aya hujan kadieu ? " waler kuncen "ah teu aya" naha aya naon ajengan....? Kuncen semu heran.Waktos abdi dimakam nuju
ziarah ana ger teh hujan badag dor-dar gelap sareng angin anu pohara ngagelebugna katingalna ku abdi tangkal kayu anu sakitu gedena meni nguyupuk-nguyupukkana tanah siga anu rek rungkad.Saur kuncen "teras aya naon deui? " waler mama gentur "ah rahasia teu sanggup ngabejakeun nana.Dina eta wengi saur ahli kampung aya suara hayam kongkorongok karungu ku sadayana sedengkeun di eta kampung teu aya anu gaduh hayam anu model kitu suarana.
Sadayana pada kaget ku eta suara hayam teras disaridikeun timana eta bijilna suara.Ari pek teh tetela pisan yen eta suara hayam teh ti luhurpasir tempat makam anu di ziarahan ku pangersa mama gentur tea.Dawuh mama gentur"Saparantos kenging salapan taun di gudang teras mama
berangkat ka mekah ngaos ka syeh Hasbullah mimiti ngaji di syeh Hasbullah mama pada nyapirakeun,Syeh Hasbullah ngadawuh ka para muridna mun ceuk sunda mah "isukan poe rebo urang ngaji kitab tuhfahmuhtaj tapi muthala'ah heula ku sararea hasil muthala'ah tuliskeun dina buku masing-masing jeung isuk kudu haladir sararea barawa hasil tulisan.
Enjingna syeh Hasbullah mariksa buku para murid-muridna.Barang ret ningal buku tulisan
mama Syeh Hasbullah ngahuleng,teras buku mama dipisahkeun teras ngalanjutkeun deui pamariksaan saparantos beres mariksa syeh Hasbullah ngadawuh"ngaji Tuhfah moal
tulus lantaran teu pantes syatibi ngaji ka kaula kuduna oge kaula nu ngaji ka Syatibi...Lantaran anu acan katepi kamuthala'ahan ku kaula dina buku syatibi geus aya.Kaula teu wani naswirkeun kitab dihareupeun Syatibi.
Kumargi sadayana pada nyuhunkeun diteraskeun oge mama ngunjukeun supados diteraskeun sanaos dingaos ukur lafadzna mangka syeh Hasbullah kakara kersa mung ukur lafadzna wungkul dugi ka tamatna.Dawuh mama gentur" elmu anu dipake muthala'ah kitab tuhfah eta tina sapalihna elmu anu katampi ti syehuna bojong".Waktos di mekah mama gentur sok ngersakeun shalat di payuneun
baitullah, para askar tos pada arapal deui sareng sok maparin isyarat ka jamaah anu sanesna supaya aya tata hormat ka Anjeuna bari ngucapkeun"hadza ulamaul jawa". saparantosna lami dimekah teras
Anjeuna berangkat ka mesir maksad neraskeun thalab elmuna namung ulama mesir pada ngadawuhkeun "geus teu aya pigurueun pikeun Ahmad Syatibi mah"mung aya sahiji ulama ahli qiro'at quran ti indonesia keneh anu mukim dimekah nyaeta ti pulau bawean teras silih guruan mama gentur ngajar elmu mantiq ulama bawean ngajar elmu qiro'at.Saparantosna mama gentur
mukim dimekah kenging tilu taun saur hiji riwayat teras aya utusan ti syeh Shoheh bunikasih cianjur
dawuhna"bejakeun ka Syatibi gera balik jeung gera mukim di cianjur sabab di daerah pasundan geus moal aya anu kuat jadi lulugu ngamalkeun elmu anu sabenerna.
Teras mama gentur mulih ka cianjur ngalanjutkeun ngaos ka syeh Shoheh bunikasih teras mukim digentur sateuacan mukim mama gentur ngaos shalawat nariyah heula 4444 supados mukimna dipaparin tambihan elmu sareng tambih-tambih manfaatna.Ari ahwalna tegesna pertingkahna mama gentur dina nyebarkeun elmu eta teu pati-pati nyebarkeun ka muridna iwal parantos dipidamel ku anjeuna,anjeuna nyebarkeun shalawat kanggo umum parantos dipidamel heula salami 40 taun.Anjeuna disuhunkeun ngaos kitab tuhfah muhtaj sateu acan diwurukeun disauman heula 40 dinten.Ari katuangannana cekap kana mangkok sareng uyah.Anjeuna tara pisan enak-enakan
sakumaha kaayaan nuju nyantri dipasantren.Dina hiji waktos Anjeuna khusus diulem barang tuang ku om muharam nyaeta menak cianjur anu kaya-raya,sagala rupi katuangan sareng inuman disayogikeun namung anu diteda ku anjeuna mung ukur nyocolan uyah. Kaayaan kitu teh
salawasna.Paling kasebat mayor sakali waktos sareng pepes burayak hasil ternak anjeuna margi padamelan kasabna sok megarkeun endog lauk janten burayak malihan dina hiji waktos
mama gentur megarkeun endog lauk dibalong ari parantos janten burayak anu tara ti sasari waktos harita sadayana binih kacida pisan mulus kajantenannana tidinya mama nyauran padamelna
anu jenengan ki yusuf dawuhna "suf” kadieu bawa pacul teh " saur ki yusuf"bade aya pikersaeun naon kang?"
dawuh mama gentur"wayahna eta tamakan balong gali jeung dodorkeun "waler ki yusuf "atuh panginten palid burayakna ?" dawuh mama gentur "enya ngahaja sina palid lantaran alus teuing
bisi istidraj karana rumasa teu bisa ibadah" ari parantos seep satengahna nembe ki yusuf dipiwarang ngaruang deui galian.Kacarios waktos mama gentur nuju muruk para santrina sareng para sepuh anu biasa sok ngaos rutinan, tidinya dongkap ka mama gentur utusan ti pamarentahan kolonial belanda kana kedah hadir dina diskusi program perpolitikan belanda. Mama gentur nyelang heula ngahadiran teu disarengan ku saha-saha,teu kantos lami mama tos sumping deui ka madrasah maksad bade neraskeun hanca ngaderes anu dikantun,para santri anu nunggu-nunggu hoyong terang pembicaraan naon anu di diskusikeun ku kaum belanda,tapi mama gentur weleh teu ngawartoskeun sakecap-acan. Ieu ciri tawis mama gentur teu ikut-ikutan dina soal politik,dugi ka kenging penghargaan kaamanan ku tanda bulan-bintang tilu ti wihalminak nyaeta gubernur hindia belanda.Di jaman pamarentahan jepang mama gentur kenging hadiyah ti kaisar tenoheka margi idiologina wungkul maksad ngamalkeun ajaran agama teu maksad nyampurkeun politik sareng agama.Anjeuna ngarang rupi-rupi kitab kirang langkung 80 kitab bahasa arab sareng sundana,di antarana nyaeta
sirojulmunir sareng tahdidul ainain dina elmu fikih,sareng al-mukadimah samarkandiyah,al-fathiyah,dahlaniyah dina elmu bayan.Sareng kitab nadzom addudiyah dina elmu munadzoroh,sareng seu'eur deui anu sanesna.Sapalih karangan nana dina elmu bayan aya anu nyebar dugi ka
tanah arab para ulama mesir pada ningali kana eta karangan sarta ngalem bari pada ngucap"gening di tanah jawa oge bet aya ulama anu pinter kana elmu" Mama gentur wafat dinten rebo 14
jumadil akhir 1365 H atanapi 15 mei 1946 M.

Nara Sumber :
K.H.MUMAMMAD ABY SUFYAN BIN H.HASANUDDIN BIN SILIHWANGI